BABASAN BAHASA SUNDA

BABASAN BAHASA SUNDA


Babasan Bahasa Sunda nyaeta ucapan basa nu ringkes, saeutik patri, anu ngan sakadar ucapan, ulah dihartikeun sacrawelan.

Conto-conto Babasan Bahasa Sunda

Atah = Langka silih anjangan
Adigung Adiguna = takabur, sombong
Alas Paul = jauh pisan
Ayem Tentrem = tenang teu ya kasieun
Asa teu beungeutan = awahing ku era
Amis Budi = hade paroman
Amis Daging = babari katerap kupanyakit
Awak Sampayan = make baju naun ge pantes
Beurat Birit = hese dititah
Birit aseupan = teu daek icing
Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih
Badak cihea = degig
Babalik Pikir = insap
Balik pepeh = nu gering teu daek icing
Buntut Kasiran = medit
Bodo Alewoh = bodo tapi daek tatanya
Beja mah beje = beja ulah waka dipercaya
Bancang Pakewuh = pikasusaheun
Bulu Kapaut = kabawa kubatur
Balabar Kawat = beja nu sumebar
Beak Dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae
Cueut kaharep = tereh maot
Disakompet daunkeun = disaruakeun / disamarutkeun
Dibenjer beaskeun = dijentrekeun / dieceskeun
Dogdog panrewong = acara panambah
elmu Ajug = bisa mamatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah
Gede Hulu = sombong
Laer Gado = sok culamitan
Tikoro Gorokeun = nyanggakeun sadaya-daya
Ceuli lentaheun = awas pisan pangdengena
Gantung Denge = masih dedengusan
Taktak Korangen = taktakna sonday siga kurang
Baro Mengmengan = taya kasabaran
 
 
Galegeh Gado = sagala dicaritakeun
Ginding Kempis = ginding tapi sakunamah kosong
Garo singsat = pagawean awewe dimana keur aya ka teu panuju
Gurat Batu = pageuh kana janji / mawa karep sorangan
Goong saba karia = ngagulkeun diri sorangan
Geutas Harupateun = ganjang napsu
Gindi pikir belang bayah = goreng hate
Hampang Birit = gampang dititah
Heuras Genggerong = omongana teureugeus, hayang menang sorangan
Hutang salaput Hulu = hutangna kaditu kadieu
Hejo tihang = sok pundah pindah pagawean
Harigu manukeun = dadana nonjol kaharep
Harewos Bojong = ngaharewos tapi teu kadenge kubatur
Handep Lenyap = omongana lemes tapi ngahina
Heureut pakeun = kurang kaboga
Hampang leungeun = sok tunggal teunggeul
Atah warah/Bongkar warah = Kurang Didikan
Dibabuk lalayakeun = dibabuk kenca katuhu
Kurung batokeun = tara indit-inditan
Kokolot Begog = budak pipileun ngomong kana urusan kolot
Kapas nu di pupul bayu = leuleus taya tangan pangawasna
Kejot borosot = ganjang nyokot kaputusan teu dipikir heula
Kahieuman Bangkong = beunghar katitipan barang batur
Kawas Jogjog mondok = teu daek repeh
Kelek jalan = deukeut tapi jalana teu ya nu leumpeung
Kawas jeler kasaatan = teu daek icing
Kawas Gaang katincak = jempe
 
 
Kandel kulit beungeut = teu aya ka era
Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
Kawas kedok bakal = goreng patut pisan
Kaliung kasiput = loba baraya beunghar
Kulak canggeum = milik nu tos ditangtukeun ku Gusti Allah SWT
Kembang Buruan = budak nu keur resep ulin
Kawas merak = beuki kana cengek
Leuleus jeujeur liat tali = gede tinimbang
Leuleus awak = daekan
Laer Gado = resep barang penta
Lesang kuras = teu bisa nyekel duit
Leupeuh Yuni = teu kuat nempo nu cilaka
Murag bulu bitis = teu daek icing diimah
Miyuni kembang = loba nu mikaresep
Miyuni tai = loba nu mukangewa
 
 
Miyuni kohkol = nasibna diteunggeulan wae ku batur
Ngabuntut Bangkong = teu puguh tuluyna
Nyolong bade = bangun daek tapi jahat
Nyaah Dulang = kabudak nyaah ngurus daharna wungkul, pendidikana teu dipirosea
Nyeplak Jawer = taya wawanen
Ngadaun Ngora = jadi rame
Nyoo Gado = ngunghak
Ngadu Geulis = paalus alus
Neundeun piheuleut = ngajak goreng
Ngadepaan lincar = api-api ngaliwat hayang diaku, ngarep-ngarep pamere
Nyiduh Kalangit = sahandapeun mamatahan saluhureun
Mapatahan Ngojay = ngabejaan kanu pinter
Panjang leungeun = sok puak paok / cukat cokot
Panjang lengkah = jauh panyabaan
Pindah pileumpangan = robah adat
Sisit Kadal = goreng milik
Saur Manuk = ngajawab bareng
Siuen Meubeut Beurit = sieun kabawa
Tuturut Munding = sagala rupa nurutkeun batur
Wawuh Munding = wawuh ngansaliwat
Beuteung anjingeun = beuteung gede kaharep

Kunjungi juga :
1. Tempat Wisata Dusun Bambu Lembang Bandung
2. Nama-Nama Anak Hewan Bahasa Sunda
EKA IKHSANUDINEKA IKHSANUDIN
Selamat Datang di Blog Pribadi Saya Belajar dan Berbagi. Salam Persahabatan dan Salam Lestari Buana Nusantara dari Karawang, Jawa Barat, Indonesia.
Follow Me : | Google | Facebook | Twitter | Instagram | Youtube |
Terimakasih Sobat, telah berkunjung dan membaca artikel mengenai :
BABASAN BAHASA SUNDA
SALAM LESTARI BUANA NUSANTARA
Kampungsawah0703 - Karawang
EKA IKHSANUDIN
EKA IKHSANUDIN
EKA IKHSANUDIN
 
Support : KAMPUNGSAWAH 0703 | EkaIkhsanudin.Net
Proudly powered by Blogger
Copyright © 2011. Belajar dan Berbagi - All Rights Reserved
BELAJAR DAN BERBAGI - Eka Ikhsanudin
Original Design by Creating Website | Edited by Kompi Ajaib | Blogger by Belajar dan Berbagi